jieun kalimah anu make kecap talaga!
B. Daerah
kifa3
Pertanyaan
jieun kalimah anu make kecap talaga!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Kelas : III (3 SD)
Pembahasan :
Conto kalimah nu ngagunakeun kecap talaga nyaeta saperti "Waktu poe Minggu kamari kuring ulin rarakitan jeung babaturan di talaga". Kecap talaga, umpama dina basa Indonesia disebutna "danau". Dina basa Sunda, talaga hartina sarua oge jeung dano.
Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Kecap talaga bisa digunakeun boh dina kalimah kasar boh dina kalimah lemes.
Conto kalimah di luhur mangrupa kalimah kasar. Lemesna tina kalimah nu di luhur nyaeta "Waktos dinten Minggu kamari abdi ameng rarakitan sareng rerencangan di talaga".