naon hartina babasanalas bandawasa?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Hartina babasan "alas bandawasa" teh nyaeta leuweung anu gede atawa dina basa Indonesia mah disebut "hutan belantara". Biasana istilah alas bandawasa teh sok loba disebut dina dongeng atawa carita wayang. Dina dongeng jeung carita wayang istilah alas bandawasa teh cocog pisan pikeun ngagambarkeun kaayaan leuweung anu gede.
Istilah alas bandawasa teh saluyu jeung rupa carita dongeng atawa carita wayang anu kaasup kana prosa buhun anu sok ngagambrkeun kaayaan jaman baheula. Jadi, umpama dibandingkeun jeung novel atawa carita pondok anu kaasup kana prosa modern, istilah alas bandawasa teh kurang cocog digunakeun dina carita novel atawa carpon anu miboga suasana jaman modern atawa kiwari.
Kata Kunci : Alas bandawasa